
Tabuh genep énjing murangkalih SMP Negeri 1 Purwakarta parantos caralik di lapang. Sadaya murangkalih badé ngalaksanakeun kagiatan litérasi. Sadaya murangkalih katingal nyarandak tuangeun atanapi kadaharan khas Jawa Barat anu diantawisna beubeutian. Di dintén ayeuna (Rébo, 18 September 2024) murangkalih SMP Negeri 1 Purwakarta ngalaksanakeun kagiatan litérasi ngenaan basa Sunda. Kagiatan litérasi basa Sunda salah sawios kagiatan anu diayakeun pikeun ngajalankeun Tujuh Poé Atikan anu digagas ku Dinas Pendidikan Purwakarta.
“Rébo Nyunda” mangrupa jejer Tujuh Poé Atikan unggal dinten Rébo. Salah Sawios tujuanna pikeun mikawanoh tur kacinta budaya sorangan, yaéta budaya Sunda. Salian ti éta, kagiatan ieu dilaksanakan pikeun ngamumulé basa Sunda.
Ngamumulé basa Sunda di sakola téh mangrupa usaha penting pikeun ngajaga sareng ngamumulé budaya lokal. Sakola jadi tempat anu strategis pikeun nerapkeun ieu usaha, lantaran murid-murid bakal nyandak tanggung jawab pikeun ngajaga basa Sunda ti leuleutik.
Kagiatan tina Rébo Nyunda salian ti nyandak kadaharaan khas Jawa Barat, murangkalih SMP Negeri 1 Purwakarta oge diajar mikawanoh ngenaan kecap-kecap basa Sunda anu tos jarang dipaké ku barudak ayeuna.